Translate

Minggu, 17 Juli 2016

SISINDIRAN BARUDAK LEMBUR


AYANG-AYANGGUNG
Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak ki Wastanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong
BULANTOK
Bulantok-bulantok
Bulan gede bulan montok
Moncorong sagede batok
Bulantok-bulantok
Aya bulan sagede batok
Bulanting-bulanting
Aya bulan sagede piring
CINGCANGKELING
Cingcangkeling
Manuk cingkleng cindeten
Plos ka kolong
Bapa satar beleneng
EUNDEUK-EUNDEUKAN
Eundeuk-eundeukan
Taraju bawang
Kalima cipe, jae ulae

Sangkayo
Cabok cinde mende
Dodomoyo

Endeuk-eundeukan
Jamparing pegat talina
Aleut-aleutan
Nu kawin euweuh walina

Euleung euy euleun barudak urang ka jami
embung euy embung sieun badak
Nu kamari
Euweuh euy euweuh
Geus dibedil ku si Sedet
Detong det detong
Si Sedet kari sapotong

Jung jae
Balakatanjung jae
Mangsoyi godong malati, riri
Riri nyandung ka putra dalem
Tumenggung Bandung
Bandung tipung polongpong
Saunda saendo poho
Poho tadi lalajo teu mawa simbut, butut!
EUNDEUK-EUNDEUKAN LAGONI
Eundeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku Nini
Beunang deui ku Aki
Eundeuk-eundeukan cangkuang
Bale Bandung Paseban
Meunang peucang Pa Ujang
Leupas deui ku Akang


Tidak ada komentar:

Posting Komentar