Lalakon wiracarita ieu di riwayat keun ku Vyasa/Wyasa/Byasa atawa Abiyasa nu di peredih ku Raja Astina, Janamejaya, anak na Parikesit, incu na Abimanyu atawa buyut na Arjuna.
Abiyasa salaku tokoh oge saksi Epos Legendaris nu ka koncara ampir ka sadunya khusus na Asia Tengah, Wetan, Kidul jeung Wetan Ngidul
Mahabharata, epos nu ka ismeuan ku kayakinan Hindu ieu miboga Jejer Carita, Perang Dulur (Kulawarga/Turunan Bharata) dina raraga nanjeurkeun Darma jeung Bebeneran, Perang nu lumangsung di Tegal Kurusetra saestuna mun di cukcruk ti mimiti nu jadi cukang lantaran Sumpah, Karma, Dendam jeung Supata nu saling tinumbu, nyaeta :
1. Sumpah Durgandini/Raramis (Ego)
2. Sumpah Dewabrata/Bisma moal Kawin (Nyingkahan parebut warisan)
3. Dendam Amba ka Bisma
4. Sumpah Sucitra/Drupada
5. Dendam Kombayana/Drona
6. Karma Arasoma ka Bagaspati (Campelak ka Mitoha)
7. Karma Kunti Nalibrata (Miceun Karna)
8. Dendam Gandhari (Sirik jeung Nyeri hate)
9. Supata Drupadi jeung Srikandi ka Karna (Diskriminasi)
10. Dendam Ekalaya ka Drona
11. Supata Parasurama ka Karna
12. Dendam Drupadi ka Dursasana (Balukar maen Dadu)
13. Sumpah Bima ka Duryudana, Dursasana jeung Sakuni
14. Dendam Destrajumna (Jaya Lenggakan)
15. Dendam Aswatama
16. Supata Gandhari ka Kresna
17. Supata Brahmana ka Parikesit
Perang Bharatayudha di Tegal Kurusetra nu jadi Puncak Carita salila 18 poe, nyesakeun 10 urang (Pandawa5, Padmanagara, Yuyutsu, Aswatama, Krepa jeung Partomarmo) ka asup Kresna jeung Baladewa
Korban nurut keun poe :
1. Utara, Wratsangka jeung Seta
2. 8 urang Kurawa
3. Kurawa
4. Kurawa
5. Mandrakomara
6. Kurawa
7. Kurawa
8. Irawan
9. Sagotra, Ijrapa, Erawan, Antareja, Jakatawang (Tawur/Tumbal)
10. Bisma (Banjaran Bisma)
11. Kurawa, Kalasrenggi
12. Rukmarata
13. Abimanyu (Cakra Wyuha) disusul ku Sondari (Belapati)
14. Jayadrata, Gatotkaca disusul ku Arimbi (Belapati)
15. Drupada, Matsyapati, Burisrawa, Drona (Jaya Lenggakan)
16. Teu kungsi aya nu gugur
17. Surtikanti sedah (Bunuh diri) Dursasana, Karna
18. Sakuni, Salya disusul Setiawati (Belapati), Duryudana, Pancawala, Destrajumna, Srikandi jeung Banowati
Tidak ada komentar:
Posting Komentar