BABAR KECAP PANYIPUHAN ALAM PANYUNDAAN
::
Bismillahi Dzat nu Nyipta tur ngabuka babak lampah
Jagat Raya Nu jadi ka-RUH-an Sarining Haya.
Sumujud nyungkur ka Papayung ti Hiung Agung
Nu Tunggal ngajadikeun rupaning nu Manunggal.
Laaillaha illalloh Muhammaddarrosulloh.
Kalayan Kasalametan ka Jungjunan Alam, Khalifatulloh
Nu jadi ka-RUH-un Sarining Sukma.
Sinembahing mulya ka Indung rawuh ka Bapa, tur Tatar Adat Nusa
Nu jadi cukang lantaran kapanga-RUH-an Sarining Kuring ngajirim jatidiri.
Kalayan hormat ka para Luluhur Sunda nu nancebkeun Sulur Buah Pikiran Luhung,
Nu jadi Pamancar, Pamancir jeung Pamancur Palasifah Sunda
Babak carita urang buka ku tékad tata jeung cara,
Sunda NINDAK ngudag WAYAH :
Bral urang Milampah MARTABAT Kamanusaan Sunda.
Prak urang Makalangan DARAJAT Kahirupan Sunda.
Prung urang Ngawangun KALUHUNGAN Adat Budaya Sunda.
Hurung ngempur Lampu Agung Siang Leumpang Ngabaladah:
Ku Rasa nu Ngabasa.
Ku Basa nu Mangrupa.
Ku Rupa nu Ngaungkara.
Ku Ungkara nu Nanggara.
Ku Tanggara nu Ngauga.
Ku Uga nu Ngawaruga.
Tujuh Rupa Ungkara nyipuh ngahirupan Dalapan Belas Rupa Puraga Talahawa.
Jadi konci pikeun muka rusiah sabundering jagat:
Pangjangka nu ngajarak saban arah – ngajadikeun KARAMAH.
Pamatri nu ngajirim kana diri – ngajadikeun KARIMAH.
Panglawung ngagabung sabalé gandrung – ngajadikeun KARUMAH.
Panglébér nu mébér ka sékésélér – ngajadikeun KARÉMAH.
Pangjero nu ngawaro ka panggero – ngajadikeun KAROMAH.
Panggeter nu meper – ngajadikeun KAReMAH.
Pangangkleung nu cukleuk leuweung – ngajadikeun KEREUMAH.
Basa nu hirup dina Rasa – Nga Uga KANYATAAN.
Basa nu hirup jadi Wasa – Nga Waruga KALAMPAHAN.
Indung nu jadi simbul Panyipuh :
Kembang tujuh rupa nu baris méré tangara seungitna Jati Sunda.
Cai sajeroning kalapa nu baris matri ngadiri kana Sukma Jati Sunda.
Gelarhirhing ” BABAR SUNDA – DINA UGA – NGAWARUGA “.
Bral muka jalan tatapakan Manusa Sunda ti Nusantara rék ngalanglang Jagat,
Poma tong ngahalangan bisi Katulah.
Kuring rék ngaléngkah ti Wewengkon Siliwangi
Méré béja nu TEGES – ÉCÉS – BÉNTÉS :
SUNDA MAPAG UGA, Nyukcruk Kaluhungan Indung.
SUNDA NANJEUR, Parahyangan Beuneur.
SUNDA MEGAR, Pajajaran Medar.
SUNDA SURTI, Siliwangi Walagri.
SUNDA NINDAK, Buana Robah Jadi Alam Panyundaan.
Sunda Indung Sagala Manusa.
SUMSUM BALUNG SUKMA PANGAWASA
Bral…! Prak…! Prung…!
::MANDALAJATI NISKALA::
Sampurasun...
Émut ka pisaur Wali, Nu celuk ahli tarékat, Mun urang hayang rancagé, Kalawan jatnika rasa, Gumelar di Alam Dunya, Panemu kudu disipuh, Ku laku opat perkara:
Kahiji resep susuci, Suci ati lampah nista, laku hasud kapalire,
Kadua ngurangan dahar, minangka ngalatih raga,sakur rereged kalebur, ngabiasakeun tirakat,
Katilu susuci batin, Ku loba ngurangan saré, reujeung nu kasebut sahwat, pikeun pangluyuing jiwa, hartina imbang-imbangan, jeung sarupaning bangbaluh, anu mangaruhan jiwa,
Kaopat kudu tarapti, ngurangan nafsu cacarita, basa garihal teu hadé, pikeun panglenyepna rasa, upama geus lenyep rasa, jadi laku anu lungguh, berwibawa jeung percéka.
SUNDA = Caang Gumawang Cahayana Gilang Gumilang Nu Nyamuni Na Dada Manusa.,
Pasundan => Pangancikan Sunda Ayana; Sunda jeung Pasundan jadi Sa-Adzat gulung galang jadi Hiji Manunggal Hurung Nangtung Na jeroeun Tangtungan Manusa Ngawangun Asal Nagari PAJAJARAN.
PAJAJARAN => PAPADA SAJAJAR / SATATA Rèkèp Dèndèng Papak Sarua Lantaran Sabakal, SaAsal ti SAWARGI, PIKEUN Hirup kumbuh Babarengan Ngaheuyeuk Dayeuh Ngolah Nagara, Paantay antay tangan Rempuk jupung Sabilulungan... Sangkan Kukuh Pengkuh Jadi PancuhNa PAPAKUNING ALAM na KARATON GALUH PAKUAN Kalawan Falsafahna > SILIH ASAH, SILIH ASIH Jeung SILIH ASUH,
Silih Asah Ku Pangwarah Nu Merenah,
Silih Asih Ku Didikan lan Atikan Nu Pinuji jeung
Silih Asuh ku PangaWeruh Nu Luyu Jeung RASA KAMANUSAAN nu Akhirna Laku Lampahna Teu welèh SILIH SENGITAN, SENGITna AWUN AWUNAN ka Celuk ka Awun awun...
ngancikna rasa deudeuh
Ngajauhkeun rasa geuleuh
Ngancikna rasa cinta
Nimbulkeun rasa nyaah
Salawasna bisa silih jaga rasa
Silih percaya , pamohalan ngahianat atawa nyieun cidera.
leungitna rasa kadeudeuh kanyaah lantaran teu aya silih palire

Tidak ada komentar:
Posting Komentar