KURUSÉTRA
basa borélak ibun puyar ku sumirat balébat
aya eungap nyesek kana dada wadyabalad
sésa-sésa tanaga neumbag ruruhit tumbak
sumirat balébat dipapag angkara murka gada
kateuneung jukut riut ngadadak murungkut
régang rasa rénghap ranjug lebah dada
uwung-awang kurusétra ngeyembeng cimata
demi angkara wadyabalad Kurawa nyorang palastra
demi adil wadyabalad Pandawa ngaleupaskeun nyawa
demi lemah katata laksaan jamparing dipapag Bhisma
demi hutang jasa Dipati Karna nandonkeun nyawa
saha nu nitah laksaan jamparing niruk teu tuah teu dosa
gada jeung gada tingbelentrang néang nyawa tina raga
teuneung néang adil jeung bener nu teuing dimana ayana
ngageterkeun urat-urat getih ngeclakeun nanah tina dada
saha nu salah mun Kurawa parebut tahta jeung Pandawa
naha Durgandini nu mikahayang rundayanna jadi raja
atawa Bhisma nu kedal lisan dina sumpah wadatna
atawa Jagatnata nu ngedalkeun takdir Kurusétra
Yudistira ngan wasa mulungan jumeritna nu perlaya
dijarumat jadi ranggeuyan ungkara nu pinuh ku doa-doa
duh, naha dimana purnama nu bisa mayungan Astina
caangna nu bisa ngabeberah kalara jeung tunggara
Tidak ada komentar:
Posting Komentar