Dina
kisah Mahabrata aya carita/lakon anu teu sembarang di pedar, nyaeta perang
Barata Yuda (Perang Brata), memang ieu lakon paling terfavorit kanggo
masyarakat.
Janten Bratayuda ieu penyajian pagelaranna dibagi janten 24 lakon:
•KRESNA DUTA , Kresna anu jadi
utusan Pandawa, ngan Kurawa
tetep dina pendirianna, anu akhirna diputuskeun perang.
•JAYA SETA, Gugurna Seta ku Resi Bisma.
•JAYA RENYUAN , gugurna Abimanyu ku Jayadrata,ku senjata Gagak rancang, anu temahna awakna pinuh ku panah.
•JAYA TIGASAN , Arjuna sedih ku sabab gugurna Abimanyu, jeung males pati ka Jayadrata. Jayadrata gugur ku Arjuna.
•JAYA PERBANGSA , gugurna Gatotkaca akibat senjata Konta anu digunakan Adipati Karna.
Konta ngaleungit sareng sukma Gatotkaca, lir ibarat hiji keris lebet kana carangkana, margi carangka Konta aya di lebet bujal Gatotkaca.
•JAYA JAMABAKAN, maotna
Dursasana ku Bima. Getih Dursasana dianggo diangir rambut Dewi Drupadi sareng di uyup ku Bima.
•KARNA TANDING, gugurna Adipati Karna ku Arjuna.
•JAYA LENGLENGAN , gugurna Prabu Salya ku Darmakusumah ajian Candrabirawa, anu di bantu ku supata Resi Bagaspati (mitoha Salya)
•JAYA LENGGAKAN , gugurna resi
Dorna ku Drestajumena, anu dibohongan yen Aswatama maot.
•JAYA SEBITAN, gugurna Patih Sangkuni ku Bima, sareng ngabebekeun careham Sangkuni.
•JAYA PUPUAN , gugurna Prabu Suyudana ku Bima. Suyudana ngabalur awakna ku minyak Renggatala/Kamandungu janten kebal, nanging pingping kencana teu ka balur, margi tos seep, Pingping Suyudana jadi titik lemahna Suyudana, sareng di tinggang ku Bima.
•JAYA GANGSIRAN , dibunuhna Drestajumena, Pancawala sareng Srikandi ku Aswatama, pas nuju kulem di kemah. Aswatama dikutuk Kresna, sukmana ber”edar di jero taneuh.
•JAYA SUNGGAL , maotna anak-anak Raja Wirata : Weratsangka dibunuh ku Resi Dorna sareng Utara ku Prabu salya.
•JAYA AMPUWALIKAL, gugurna Irawan,anak Arjuna, ku Kalasrenggi.
Kalasrenggi dibunuh Arjuna
•JAYA PRABATA , Ngisah keun Sang Prabata, wasu bungsu anu nitis ka Bisma ngalawan Srikandi titisan sukma Dewi Amba. Resi Bisma pinuh ku panah-panah Srikandi.
•JAYA LALEWA , Dewi Siti Sondari, tumut ka salaki satia - labuh geni, margi gugurna Abimanyu.
•JAYA GANDOLAN , ngisah keun gugurna Burisrawa ku Padmanagara/ Setiaki.
•JAYA GITIKAN, ngisahkeun maotna Anteraja, akibat ngaletak tapak sukuna.
•JAYA KALAMUNCUL, Arjuna sareng Adipati Karna tempur, kaluar oray Ardawalika, anu bade males pati ka Arjuna, margi bapak eta oray di pateni ku Arjuna.
Ku Batara Kresna , Ardawalika bisa paeh.
•JAYA RUNIAGA, ngisahkeun Dewi Surtikanti satia-labuhgeni
akibat gugurna Adipati Karna.
•JAYA WINAGUN , arjuna lawan walmuka, nanging Batara Kresna bendu dugi ka mulih ka Dwarawati.
•JAYA SUMINGGAR
•JAYA WIGEGELA , Prabu salya pasea sareng Aswatama,
Margi Salya “licik” pas jadi kusir Adipati Karna.
•JAYA SUMINGKAL, RESI Abiasa
ngusir siluman sareng setan
Hampir sadaya judul nganggo kata JAYA, nya dina padalangan Sunda Baratayuda disebut PERANG JAYA .
Nb: baraya parantos nonton lakon mana wae di antara perang bratayuda?
Abdi mah nembe Jaya lenggakan sareng jaya pupuhan...
Wassalam Hilman Sujana

Tidak ada komentar:
Posting Komentar